RSS

Mikawanoh jeung ngahirupkeun aksara Sunda

13 Mar
MIKAWANOH JEUNG NGAHIRUPKEUN
AKSARA SUNDA


ku Latif Saéful Islam
(Kelas IX C SMP Negeri 2 Tanjungsiang)

Salaku urang Sunda, dirasa penting pisan urang wanoh kana aksara Sunda, aksara nu jadi warisan ti karuhun urang sadayana. Ti kawit ayeuna, hayu urang gedurkeun sumanget urang dina raraga nanjeur ajegkeun sastra Sunda, salahsahiji carana ku cara nganggé aksara Sunda. Cag!.

Mun ninggali dina KBBI (Kamus Besar Bahasa Indonesia) wedalan Balai Pustaka, didinya dipidangkeun aksara-aksara Daérah ti Nusantara. Unggal Daérah di Nusantara, émang mibogaan aksara séwang-séwangan. Kayaning aksara ti Jawa, Bali, Jawi (Malayu), Bugis, Makasar, Karo, Mandailing, Lampung, Kejang, Toba, sareng Kerinci.

Tapi aya hiji kahanjakalan dina pidanganana. Teges pisan kuring teu manggih aksara Sunda. Aya ogé diseratkeun Sunda, bubuhan ngahiji sareng aksara Jawa (hanacaraka). Padahal dina panalungtikan nu dipupuhuan ku Prof. Dr. Édi S. Ékadjati sareng réngrénganna katut para ahli filologi ti Universitas Pajajaran, tos aya beubeunangan ti éta panalungtikan, nyaéta kabuktikeun yén urang Sunda ogé mibanda aksara, anu disebut Ratu Pakuan, Kaganga, atawa Dasabagawa. Malih umurna ogé leuwih kolot batan aksara séjén di Nusantara.

            Kiwari pakaya Sunda dina widang aksara Sunda, geus ngawitan dikurah-koréh deui. Lain ukur dikembangkeun, tapi kiwari tos dikomputerisasikeun. Tos aya dina format unicode, jadi ayeuna mah tiasa diketik dina komputer.
            Dina wangun aslina, aksara Sunda ngabogaan 18 aksara ngalagena, nyaéta ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, sareng ha. Tujuh aksara vokal, nyaéta a, i, u, e, é, o, sareng eu. Sapuluh angka. Sareng aya 13 rarangkén.


            Sedengkeun aksara Sunda nu dianggé kiwari, éta mah tos meunang ngarobah, sarta meunang nambihkeun sababaraha aksara. Aksara nu katinggali ku kuring hasil ngarobah (jeung nukeur-nukeur) diantarana nyaéta ka, ja, na, sareng ma. Sedengkeun aksara nu hasil nambihkeun, diantawisna nyaéta qa, za, fa, va, xa, kha, sareng sya.

            Aksara Sunda téh lambang kareueus urang Sunda, nandakeun urang Sunda geus mibanda kaparigelan tulis-tinulis ti baheula. Wangunna anu ringkes tur teu dipihésé, wentukna ngagarurat siga angka tujuh (atawa siga pacul), nu nandakeun urang Sunda anu ramah, soméah, daréhdéh, tapi teges.

            Béda jeung aksara Jawa anu wentukna jaba ti rungkal-ringkel téh, ogé mun dibandingkeun hasil seratanna, antawis aksara Jawa sareng aksara Sunda mah aksara Jawa asa langkung panjang. Janten, aksara Sunda langkung praktis.


Sajarah

            Naskah-naskah kuna nu diserat ku aksara Sunda, hasil nalungtik para ahli, kayaning Carita Parahyangan, Carita Ratu Pakuan, Siksa Kandang Karesyan, Amanat Galunggung, Carita Waruga Guru, jeung sajabana.

            Kasebutkeun diantarana (dina salahsahiji naskah) yén aksara Sunda mimiti pisan dianggé di Jaman Salakanagara (taun 130 M.), karajaan pang-kolotna di Jawa Barat. Anu ngajarkeunna nyaéta Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya. Harita aksara Sunda sok dianggé pikeun nyerat dina kahirupan sapopoé.

            Lian ti naskah, seueur prasasti ogé nu diserat ku aksara Sunda. Misalna prasasti tugu atawa batu tulis nu aya di Bogor, jsb. Nu asalna ti kamaharajaan Tarumanagara jeung kamaharajaan Sunda.

            Nyakitu deui di Ciamis. Nu kawéntar puseur dayeuh Galuh. Kiwari barang-barang (sésa karajaan nu mangrupa naskah, prasasti, pusaka, jsb.) ti karajaan Galuh disimpen di Kabuyutan Astana Gedé di Kawali. Didieu pisan ngadegna karaton Galuh Pakuan atanapi Surawisésa. Unggal prasasti boh naskah, sadayana diserat ku aksara Sunda, tug basana gé ngagunakeun basa Sunda buhun (basa Sunda kuno).

            Dina salahsahiji prasasti nu aya di Kabuyutan Astana Gedé, aya prasasti nu unina kieu; “Nihan tapa wa-nu Siya mulya, tapa Inya Prabu Raja Wastu mangadeg di Kuta Kawali, nu mahayuna Kadhatuan Surawisésa, nu marigi sakuriling dayeuh, nu najur sakala Désa. Ayama nu pandeuri, pakéna gawé rahayu, pakeun heubeul jaya di Buana.” Anu hartina; “Ieu titilar agung nu maha mulya, titinggalna Prabu Raja Wastu nu ngawasa di Kota Kawali, nu ngahias karaton Surawisésa, nu ngadamel aliran cai di sakuriling kota, pikeun panahan di sakuliah Désa. Mugia aya nu sumping, sarta ngabiasakeun midamel kasaéan, supaya lila hirup di dunya.”

            Tina éta prasasti bisa kanyahoan, boh aksara Sunda, boh basa Sunda diaranggé dina jaman Prabu Niskala Wastukancana. Jadi gedé pisan kamungkinanana yén saméméh jaman éta basa katut aksara Sunda geus diparaké.

            Naskah-naskah Sunda kuna sabenerna teu saeutik, tapi loba. Kiwari nu aya di musium-musium mah bisa disebut panyésaanana, lantaran loba pisan nu diakutan ka Universitas Oxford . Tug dugi ka kiwari loba mahasiswa Oxford nu dialajar basa Sunda.

Ceuk para ahli
            Ngeunaan basa jeung aksara Sunda, aya sababaraha urang nu boga pendapat. Ucapan ti Grasshuis, ahli Indologi ti Walanda, nu nyebutkeun, “Urang Sunda mah teu boga aksara, aya ogé meunang nginjeum ti Jawa (cacarakan), jeung ti Arab (pégon).” Éta ucapan téh mencog pisan tina kanyataan anu aya tur teu sakumaha anu kabuktikeun ayeuna.

            Prof. Dr. Berd Nothoffer, urang Jérman nu nalungtik kahirupan basa jeung sastra Sunda ti taun 1974 dugi ka 1984. Anjeunna pernah nyebut, “Basa Sunda bakal jadi basa paéh siga basa Sangsakerta, sarta taun 2000 mah moal diparaké deui.” Teu bénten jeung pangucapan ti Grasshuis, ieu ucapan Berd Nothoffer ogé mencog tina kanyataan nyimpang tina pangbukti. Geuning kiwari tos taun 2011 deui, basa Sunda teu ieuh paéh, malah sabalikna, basa Sunda tetep ajeg nanjeur malih langkung mekar.

            Ceuk Prof. Dr. Édi S. Ékadjati dina bukuna, disebutkeun yén aya sababaraha aksara nu kungsi dianggo ku urang Sunda. Diantawisna nyaéta; aksara Pallawa, aksara Pra-Nagari, aksara Jawa kuno (Kawi), aksara Sunda kuna (Ratu Pakuan), aksara Arab (Pégon), Cacarakan (hanacaraka), sareng aksara Latén.

Kunaon bet loba rupa aksara nu dipaké ku urang Sunda?.
            Geus heubeul pisan (ti jaman baheula), urang Sunda mah kawéntar jaba ti lébér wawanén (gedé kawani), ogé palinter. Nepikeun, raja-raja di Sunda sok di landi-landikeun ka maung. Aya istilah Maung Siliwangi atawa Maung Pajajaran, lain hartina Prabu Siliwangi nu ngahijikeun Sunda jeung Galuh téh jadi maung. Tapi ieu mah ukur landian ku lantaran pasipatanana téa anu lébér wawanén sarta pinter.

            Najan gedé kawani jeung palinter téh, sikep Raja-raja Sunda tetep wijaksana, sarta tara ngajajah atawa merangan karajaan-karajaan séjén di Nusantara (harita mah Dwipantara). Nepikeun karajaan Sunda diajénan tur dipihormat ku karajaan-karajaan di Dwipantara. Tina perkawis éta ogé Sri Baduga Maharaja disebut Prabu Siliwangi. Hartina Siliwangi téh tina kecap silih wangi, kulantaran jasana dina ngawantu karajaan séjén supaya merdéka tina jajahan kamaharajaan Majapait, nu dipingpin ku Mahapatih Gajahmada dina naklukkeun karajaan di Dwipantara supaya ngahiji dina karajaan Majapait.

            Lantaran kitu, masarakat ti karajaan séjén di Dwipantara sok ngarasa aman mun aangkatan ka Pajajaran. Najan jaragoan, tapi urang Sunda mah “cinta damai”. Antukna loba nu warawuh ka urang Sunda. Malah teu saeutik nu netep hirup lan hurip di tanah Pajajaran. Masarakat-masarakat ti karajaan séjén nu hurip di Pajajaran, ngajarkeun ka urang Sunda aksara-aksara nu dipaké di karajaanna. Abong ku palinter, babari pisan urang Sunda ngarti kana aksara-aksara téh. Nepikeun ka sok diparaké.

            Tah, kitu riwayat nu ngalantarankeun di Sunda loba aksara daérah séjén ti Dwipantara téh.

            Béda sajarahna jeung aksara Arab (Pégon) atawa aksara Latén. Aksara Pégon sumeber di Sunda jeung daérah séjén di Dwipantara dina raraga nyebarkeun agama Islam. Supaya agama Islam (nu harita kasebut agama anyar) bisa sagancangna sumeber. Janten, kalawan sababaraha tambihan, aksara Pégon digarunakeun dina kahirupan kumbuh sadidinten, lian ti supados langkung ngamasarakat, ogé pikeun ngahudangkeun minat masarakat pikeun maca Qur’an. Ari aksara latén mah diajarkeun ku pangjajah Walanda.

Upaya Pamaréntah
            Dina raraga ngamasarakatkeun deui aksara Sunda, supaya dianggé dina kahirupan sadidinten. Sakur tarékah jeung polah dilakukeun ku Pamaréntah Propinsi Jawa Barat supaya aksara Sunda dipiwanoh ku sakumna masarakat. Supaya teu aya deui nu teu tiasa ngabéntenkeun antawis aksara Sunda sareng aksara Jawa. Sarta ngabuktikeun yén urang Sunda ogé boga aksara.

            Unggal taun, dinas pendidikan Propinsi Jawa Barat ngayakeun acara “pasanggiri dan aprésiasi bahasa, sastra, dan seni daérah.” Salahsahijina dina éta kagiatan aya lomba maca jeung nulis aksara Sunda. Hal ieu ogé mangrupa tarékah pamaréntah, supaya aksara Sunda teu sing ledis ku robahna jaman nu leuwih maju. Aksara Sunda kudu tetep dijagi, diriksa, tur dimumulé.

            Lian ti éta, ogé aya aturan tertulis salaku pancuh pikeun mancegna aksara Sunda (dasar hukumna), ti pamaréntah. Diantawisna;
1.    Peraturan Daérah Propinsi Jawa Barat No. 6/1/1996, ngeunaan ngamumulé seni, basa, budaya, jeung aksara Sunda.
2.    Keputusan Présidén Republik Indonésia No. 082/B/1991, ngeunaan pedoman panalungtikan aksara Sunda.
3.    Hasil kacindekan lokakarya Aksara Sunda alpukah Pamaréntah Daérah tingkat I Jawa Barat, Fakultas Sastra Universitas Pajajaran, tanggal 21 Oktober 1997, ngeunaan ngamasarakatkeun aksara Sunda ngaliwatan tilu jalur; Depdikbud / Dinas P. dan K., Dinas Sosial, jeung Dinas Pariwisata.
4.    Surat Katerangan (S.K.) Gupernur Jawa Barat No. 434/SK 614-Dis. PK/99, tanggal 16 Juni 1999.


Kasérén
            Baheula, méméh ayana aksara latén, aksara Sunda sok dianggé dina kahirupan sapopoé. Tapi, waktu pangjajah Portugis jeung Walanda datang ka Nusantara, langsung baé para pangjajah téh ngajarkeun aksara latén ka masarakat.

            Ku lantaran kitu, masarakat anu diajarkeun aksara latén ku pangjajah, ngeyeng dikeureuyeuh tur dipaké. Beuki lila, aksara latén beuki ngamasarakat baé, antukna loba nu mopohokeun kana aksara daérah. Nya kitu deui jeung urang Sunda, nu beuki lila beuki mopohokeun baé aksara Sunda, ku lantaran “bogoh”-na kana aksara latén.

            Di jaman pertahanan kamerdékaan Indonésia, aksara Sunda téh lir sirna ti jagat leungit ti bumi Sunda. Sanajan aya sababaraha masarakat di wewengkon-wewengkon nu tetep ngagunakeun aksara Sunda.

            Sakumaha anu dicarioskeun di luhur, kiwari aksara Sunda keur dikurah-koréhna, supaya aksara Sunda familiar deui di kalangan masarakat Sunda.

Panganggoan sadidinten
            Sanajan kiwari tos seueur buku-buku ngeunaan aksara Sunda, buktina masarakat can sadayana wawuh kana aksara Sunda.

            Faktor nu nyababkeun masarakat teu nganggé aksara Sunda, seueur pisan nu nyababkeunna. Seuseurna mah, kulantaran barudak teu diajarkeun di sakolana, lantaran teu sadayana guru basa Sunda ngarti kana aksara Sunda.

            Perkawis ngamasarakatkeun aksara Sunda, pamaréntah dirasa kudu leuwih ningkatkeun deui sumangetna dina raraga nanjeurkeun kawanoh urang Sunda kana aksarana. Kumaha baé carana sangkan masarakat mikaresep kana aksara Sunda tur boga kereteg hayang ngangkat harkat jeung darajat basa jeung sastra Sunda.

            Ku ayana aksara Sunda dina format unicode, bet asa gampil pisan nyerat aksara Sunda dina komputer téh. Urang tiasa nga-unduh unicode aksara Sunda tina Internét, atanapi ngagaleuh di toko-toko CD.

            Kulantaran gampilna miboga unicode aksara Sunda, seueur masarakat anu nginstal dina komputerna, sarta sok dianggé. Nanging hanjakalna, sakumaha anu kasaksian ku kuring, teu sakedik seratan aksara Sunda anu lepat ngalarapkeunana.

            Misalna baé upami urang badé nyerat “Sunda”. Urang kedah ngagunakeun aksara sa, teras nganggé rarangkén panyuku supados janten su. Tuluy nganggé aksara na nu dihareupna nganggé rarangkén pamaéh, janten sun. Di tungtung, seratkeun aksara da, janten dipaosna “Sunda”. Nanging dina sabaraha media, aya anu nyerat “Sunda” kalawan nyambung-nyambungkeun antawis aksara ngalagena sareng aksara vokal, nyaéta sa, u, na, da, sareng a. Padahal, mun nyeratna siga kitu dipaosna janten “saunadaa”, sanés “Sunda”.

            Kasalahan dina nyerat aksara Sunda, teu jarang kajantenan. Misalna baé dina salahsahiji akun halaman fésbuk, nu ngamuat foto-foto aksara Sunda tug lengkep sareng laténna. Kasalahanna diantarana nyaéta pernah aya nu nyerat aksara Sunda, ari seratan aksara Sundana “maasu usaupa kasaépa”, sedengkeun dina laténna “Mas Usup kasép.” Kulantaran éta, kuring ngoméntaran éta foto, kalawan tujuan supaya kapayunna langkung hadé sarta leres dina nyeratna.

            Ku ayana ieu kasalahan, pungsi rarangkén aksara Sunda janten asa ngirangan.

            Ku lantaran éta, kuring umajak ka balaréa baraya-baraya anu masih nganggem urang Sunda; Hayu urang perjoangkeun pakaya sastra Sunda, salahsahijina ku cara nganggé aksara Sunda.

            Di Jawa, utamana di Jogja, sapaparat jalan dingaranan ku aksara Jawa, malih toko-toko, kantor, pasar, gedong pamaréntahan sadayana diserat ku aksara Jawa. Bénten jeung di urang, nu méré ngaran tempat ku aksara Sunda téh kawilang langka. Mung aya ogé, masih tiasa diitung.

            Lamun urang tetep gumantung kana aksara latén anu buktina geus nyérénkeun kaayaan aksara Sunda. Ti kawit ayeuna, hayu urang kawitan seseratan ku aksara Sunda. Urang larapkeun na ati, pancegkeun na manah, hayu urang gunakeun ieu aksara Sunda.

            Kiwari para ahli geus kabukti bisa manggih aksara Sunda anu umurna leuwih kolot batan aksara séjén di Nusantara. Tah, ayeuna giliran urang palebah makéna, hayu urang gunakeun ieu aksara dina pakumbuhan hirup kumelendeng urang sadidinten. Supaya aksara Sunda tetep nyantika diantawis aksara séjén.

            Neda pangampura, mugia jembar pangapunten. Bilih manawa manawina dina ieu seratan aya jejer sinareng perkawis anu lepat, mugia dimaklum. Saéna basa, dupi éta mah mung kaleresan. Sedengkeun bilihna kapendak aya cumaritaan anu teu merenah, éta mah mung tina kabodoan kuring.

            Nanging, clik putih clak hérang, tina jero manah tutungkusan qalbu, kuring miboga hiji kahayang, hoyong silih bagi pangaweruh ngeunaan sastra Sunda.
           
            Bral….. geura pidangkeun pangabisa sinareng pangaweruh urang, buktikeun ka dunya yén sastra Sunda baris tetep nanjeur tur ajeg sarta tetep majeng. Cag!.

Tanjungsiang, Subang.
Maret 2011.
 
2 Komentar

Ditulis oleh pada 13 Maret 2011 in SUNDA

 

2 responses to “Mikawanoh jeung ngahirupkeun aksara Sunda

  1. Riska

    10 Mei 2011 at 14:22

    teu aya conto kanggo pribahasa sunda nu ngagunakeun aksara sunda buhun baheula

     
  2. Timothy

    3 Agustus 2013 at 14:45

    Hello every one, here every person is sharing these experience, therefore it’s good to read this weblog, and I used to pay a visit this web site all the time.

     

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

 
%d blogger menyukai ini: